Kacaturkeun
di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma
Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari
nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang
nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung
mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé
ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi
Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh
ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga
dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh
kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki
Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja
pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu
dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari
kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung
Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana
kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona
aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa
ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun
budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu
ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka
Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk
ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta
téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya
manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna
Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna
téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus
jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina
hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék
nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka
alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung
Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara
dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih
dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru
laporan ka raja.
Ari
Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton,
Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung
Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh,
tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku
anak.
Gapruk
baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus
kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna.
Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana
hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul.
Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu
jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun
raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah
deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku
kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta
Déwi Naganingrum.
Lila-lila
réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi
Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang
Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara.
Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang
Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun
Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali
dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.